Info Terbaru 2022

Contoh Sambutan Bahasa Sunda Masrahkeun Calon Panganten Pameget

Contoh Sambutan Bahasa Sunda Masrahkeun Calon Panganten Pameget
Contoh Sambutan Bahasa Sunda Masrahkeun Calon Panganten Pameget
ku Alimudin S.Pd.I

Bismillaahirrahmaanirrahiim,
Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli.

Para wargi anu sami dimulyakeun ku Alloh, sumangga urang sami-sami nagdo'a ka nu kagungan ieu alam katut sapangeusina, urang neda jiad ijabahna mugia ieu pamaksadan ginanjar karahayuan.

Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan asmana sepuh miwah kulawargina cep..........Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim kuring saabringan, cunduk rusuh tiba geura, tanding walik muru pasir, tanding julang muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana

Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu ludeung, nu hoream tiba nyorangan, pun anak wasta................ Inyana, mun peuting teu genah cicing, mun beurang teu puguh lampah, suda dahar suda polah, henteu puguh rarasaan. Singhoreng sabada dititenan, cenah katiir jamparing asih, karuncang panah asmara, bareuh asa nyanyautan. Langkung ti kitu cenah, parantos titp asih nunda subaya, nyumponan jangji pasini, sadusikum ka bale nyungcung. Kantos nyobi-nyobi diheureuyan, nguji pamadegannana.disisilihan wanoja lian. Singhoreng gilig pikir buleud tekad, teu kalis ku nu gareulis, teu sadrah ku dibeberah, majarkeun teh, mun abdi pareng jadi jeung anjeuna, bangkit moal pegat son, ari margi, duriat mandean gunung, cinta mandean sagara, kembang cinta terus mangkak, leleb moal manggih ganti, geus saati geus sapikir. Kumargi sakitu atuh mangga ieu nyanggakeun pun anak, mugi kebesan keresa nampi. Geus puguh galurna catur, negmbat papayan sajarah puguh gigirangannana. Mun kitu titis tulis ti ajali, jodo rusiah pangeranteu aya nu mustahil. Mung hatur uninga, pun anak teh badag soteh warugana, elmuna mah hejo tur bangbangan keneh, masih didikeun atikeun kalayan kasobaran. Percanten ka ki besan nu landung kandungan laer aisan, leuleus jeujeur liat tali.

Kalih ti eta deuiah, cundukna ieu si utun datangna ieu si ujang, estu lugag-legog bari lengoh tiba bari keupatnampah, teu aya jingjing bawana. Sakadar ugal egol nyoren pestol, mamanggul talutug nahun, aseuk maneuh pancir waris, nini aki. Bahanna ti paku jajar, waja perak beusi akas, disipuh ku kayu garui dipancaran ku samida, matih beunang nganaatan. Hatur lumayan, keur ngaseukeun bibinihan, binih asih tangkal duriat, di huma leuweung larangan nu aheng kabina-bina tacxan kagadabah jalama. Kibesan! Dalah dikumaha atuh, sakieu geuning buktina, dibeber-beber kalah soeh, dikenyang-kenyang karah bedah, lieuk euweuh ragap taya> mung tekad ngakar maneuh jero manah meleuleuheungkeun tuang putera, rek dipetik dipimilik, dipajang dina jambangan, didamel jimat paripih. Mung tamba pamali teuing, nyanggakeun saaya-aya, batok kohok, piring semplek, beas sasiki, gula sapasi, paris ipis tamba tiris, sendal capit keur ka cai. Sanes teu nyaah sanes teu hormat ka si Ujang ka si nyai, sakieu geuning buktosna, tumamprak sadaya-daya.Mungguh sepuh sakadar sumambung du’a, dahupna ieu barudak aya dina akajanglaran, sial dangkalna, sue naasna, geus ditalangan ku apana ku emana, barudak mah mugia laki rabina dipareng panjang punjung panjang yuswana ginuluran karahayuan, negrak di hanjuang siang.

Sakali deui nyanggakeun ieu pun anak, mugi ditampi sapamakasadannana, paripaos getihna satetes, ambekananana nu sakesotan, indit peuting miang beurang, labuh di curug, rag-rag di jungkrang, dengdek mahekun condong namp[lokekeun nyanggakeun ka ki besan nu wijaksana.

Pungkas asur, beurat hate hese kacap, teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi tangeh rek nepi, nyanggakaun sadaya-daya, cag dugi kadinya.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
Advertisement

Iklan Sidebar