Info Terbaru 2022

Contoh Teks Mc/ Pembawa Program Perpisahan Sekolah Dengan Bahasa Sunda

Contoh Teks Mc/ Pembawa Program Perpisahan Sekolah Dengan Bahasa Sunda
Contoh Teks Mc/ Pembawa Program Perpisahan Sekolah Dengan Bahasa Sunda


Embara kabalarea , bewara kanu araya Kanca baraya nu pada lengah Sugri pribumi nu pada linggih Mugia mugi janten uninga Wirehing dina DINTEN IEU pisan Kemis 11 juni 2019. Ku urang sadaya bakal kasakseni Prosesi paturay tineung kelas Genep oge Tahun 2018– 2019. 

Assalamualaikum Wr. Wb 
Para wargi anu sami-sami linggih, langkung tipayun mangga urang muji syukur ka Allah SWT., anu parantos marengkeun urang sadayana tiasa patepung lawung dina ieu acara. Kalayan widi-Na pisan urang sadaya tiasa silaturahmi kalayan sehat wal afiat dina program Paturay Tineung Siswa Kelas MI Sindangraja Tahun Pelajaran 2014- 2015. Teu kakantun solawat sinareng salam urang sanggakeun ka panutan alam Kanjeng Nabi ahir jaman Muhammad saw., miwah para sahabat, tabi'it, tabi'in, tug dugi ka urang sadayana. 

Salaku panata acara, sim kuring teu hilap ngahaturkeun wilujeung sumping ka para tamu uleman, utamina Bapak Pupuhu Ketua Yayasan Asysifa sareng rengrenganana, Bapak pupuhu Komite MI Sindangraja, Ibu Kepala MI Sindangraja miwah rengrengan Ibu sinareng Bapa Guru, oge teu hilap ka Ibu miwah Bapa anu janteun sepuh sareng wali murid, sareng teu kakantun murangkalih kelas VI anu dina danget ieu bade diistrenan janteun wisudawan. 

Sakumaha anu parantos didugikeun dina serat uleman, ieu program taya sanes seja ngabrehkeun rasa kabingah rehna sadaya murid kelas 6 tiasa namatkeun di ieu sakola kalayan hasil anu nyugemakeun. Tandaning sukur ka Nu Maha Kawasa, Ku margi kitu, simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelas VI parantos lulus Ujian Nasional taun 2015. Kukituna Urang sadaya anu hadir didieu , ngajadi saksi pikeun lumangsungna program paturay tineung kelas ix anu di luluguan ku kulawarga besar smp tarogong kaler .nya jisim kuring pisan dina danget ieukapapancenan ku sekeseler panitia kanggo nataan runtuyan program ti kawit dugi ka selesai ti awal dugi ka tutas na ieu acara. dupi program anu bade kapindangkeun : 

1. bubuka 
2. galindengna ayat ayat suci al quran 
3. biantara sareng pangdeudeul ti : 
a. Wawakil Kelas v 
b. Ibu Pendais 
c. pupuhu komiteu sakola 
d. kepala sakola 
4. Unjukan paturay tineung 
-.masrahkeun siswa siswi kelas ix 
-mushafahah 

5. maca du’a 
6. panutup 
7. hiburan 

Supados teu nyolongkong teuing kana waktos mangga ieu program urang buka ku aosan basmallah sasarengan BISMILLAHIRROHMANIRROHIM .ku aosan eta program parantos di buka kalayan resmi dikawitan 

Nincak program nukadua supados langkung langkung ginuluran hibaring baroqah mangga urang sami sami ngaregepkeun galindengna aosan ayat ayat suci al quran nu bade di aoskeun atawa di tepikeun ku pangersa bapa ust.acep. (tos beres) 

hatur nuhun ka pangersana bapa ust.acep.mudah mudahan ku ngalangkungan aosan nu nembe baroqah tina amanah anu di popoyankeun tina dawuhan allah urang sadaya tiasa ngajalankeun sakumaha mistina malah mandar aya dina rido allah swt .AMIN 

Di Lajengkeun kana program nu saterasna nyaeta biantara jeung pang deudeul . nu kahiji biantara ti ketua osis ,mangga dihaturanan linggih . (parantos rengse ).anu salajengna ti wawakil kelas ix.(tos rengse) ngahaturkeun nuhun ka wawakil kelas ix .anu saterasna pangdeudeul ti pupuhu komite sakola (tos rengse ) anu terakhir nyaeta pangdeudeul anu bade di tepikeun ku kepala sakola ( tos rengse ) ngahaturkeun nuhun ka kepala sakola.mugi mugi aya manfaatna kanggo urang sadaya . 

Anu salajengna nyaeta program nu ka opat unjukan paturay tineung . nu mimiti masrahkeun siswa siswi kelas ix . (tos rengse) anu saterasna mushafahah .( parantos rengse ) 

Nincak kanu program nu ka lima nyaeta ngaoskeun du’a marangga urang sasarengan ngadu’a ka allah nu maha kawasa . nu bade di barengan ku bu hj.fatimah (tos beres)hatur nuhun ka ibu hj.fatimah anu parantos ngabarengan ngaoskeun du’a. 

Sateacanana kana program puncak nyaeta hiburan mangga urang sadayana tutup ieu program ku aosan ALHAMDULILLAHIROBBILALAMIN sim kuring ngahaturkeun nuhun ka sadaya jalmi nuaya dideu kanggo kaperhatosanana anu parantos nyaksian ieu program paturay tineung ti awal tug dugi kakhir . 

sateu acana urang marulang ka rorompokna masing masing urang saksenan heula ieu program puncak nyaeta hiburan 

Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan program parantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu program teh aya mangpaatna. Rupina ieu program teh urang pungkas wae, simkuring Hanifah Alshofa Nurul Aini sareng Deden Kurnia Syam neda dihapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun kana perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan hamdallah sasarengan.  Alhamdulillahirabbilalamin….Wassalamualaikum wr.wb 


Advertisement

Iklan Sidebar