Info Terbaru 2022

Contoh Sambutan Bahasa Sunda Panampian Calon Panganten Pameget

Contoh Sambutan Bahasa Sunda Panampian Calon Panganten Pameget
Contoh Sambutan Bahasa Sunda Panampian Calon Panganten Pameget
Panampian Calon Panganten Pameget
Ku Alimudin S.Pd.i
 

Asalamu’alaikum Wr. Wb.

Bismillah, alhamdulillah, lahaula wala quwwata illa billaah,

Sabada simkuring ngahaturkeun salam ka sugri nu hadir, rohmat sareng salam urang haturkeun ka jungjunagan alam Rosulullah SAW, ka kulawargina miwah para sohabatna. Purwa pamaksadannana, sim kuring seja sasanggem, kedal mulut panampian, ngawakilan mutlak keresana Bapa... miwah ibu. Ka para sesepuh hormateun sim kuring, ka nu weruh di tempatna, ka nu reugreug dipageuhna, utamina ka kersana besan sarombongan. Tinangtu anu bakal kapihatur, estu tebih ti utami, anggang ti kasampurnaan ari margi, sim kuring sanes ahlina dina widang ieu, mung piraku ari kedah medal sila onaman. Kukituna mugia sih hampurana ti sadayana. Pangersa besan jaler istri , tamu-tamu nu sami dimulyakeun ku Allah. Tadi sami-sami nyakseni, pamaksadan ki tamu nu didugikeun ku wawakilna, nganggo runtuyan miwah ungkara basa nu ngabujangga, leubeut ku rekaan basa nu merenah, beuneur eusina jembar pedarannana, atra anu dipimaksadna. Paingan aya kila-kila, si jalak ngelak, si kate beger, kukupu ngier ngiberan titingalan sing rarikang. Sihoreng baris cunduk tamu nu ditunggu-tunggu tikapungkur, undur taun tiba bulan, ayeuna ugana datang.


Panampian Calon Panganten Pameget

Alhamdulillah, kabingah sesah bangsana, suka ati pilih tanding, ringkesna mah ditampi sapamaksadan. Ki Besan, naha anduk-anduk teh bet kalalanjoan, di dieu ge sami-sami, sakieu geuning buktina, sanes teu nyaah, sanes teu hormat ka si ujang ka ki besan, dalah dikumaha atuh sami nyanggakeun sadaya-daya.

Ka si Kasep, deudeuh teuing hidup anaking, cunduk dituyun ibu, tiba dijajap ku rama, kalih diabring ku kadang wargi. Ieu hiji tawsi , maksad hidep kenging pang rujuk ti sepuh, pidu’a ti kadang warga. Apa sareng ema di dieu, teu ngahero jonghok rebo ku gembolan, ringkid kerid ku jingjingan, kulit awi sesebitan, nu diantio jinis jisimna sawiji, jasad tunggalna nu saurang, ujamng wasta cep...... jajaka nu titih surti ngaji rasa, nu duduga tur peryoga, teu renjagan teu gembangan, estu teguh pamadegannana.

Ditampi kasep, mola rek disaha-saha, diangken anak pituin, heg geura pelakan tuh gunung nu masih gundul, pasir nu masih bulistir, sawah anu lawas ngahgar, ku madu ka asih, muga-muga hejo lembok, lir menyerupai bibit tumuwuh di tanah subur. Mung eta nu ulah kakantun teh, parabot nu boga pamor, senjata nunggal talutug nahun tea, seukeut teu karana diasah, keur mencug watu nugar cadas, di dieu geus sayagi pihumauen asukaneun.

Ki Besan!

Mangga urang sami-sami ngadu’a, dahupna ieu barudak muga manjing wanci ninggang uga, diparengkeun camperenik buncir eusi, ngarandah mamanggaran, renung sirungna, mayakpak cangkokannana.

Amin ya Robbal ‘alamiin.

Sakali deui ditampi sapamaksadan.

Cag.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.


Wuwuruk Ka Panganten (Sungkeman)

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Washalatu wassalamu ala asrofil anbiyaai wal mursalin, wa’ala alihi washahbihi ajmain.

Allahumma alif baenahuma kama alafta baena Yusuf Wajulakha, waalif bana huma kama alafta benal walmasysyalji warzuklahuma taofiq dzurriyatan toyyibah.

Pangersa para tamu hormateun sim kuring, hadirin tamu uleman nu sami dimulyakeun ku Allah, atra tur pertela ngembang boled, ucap panata acara, yen sim kuring dipancen gawe, kedah nyuluran sohibul hajat, ngadugikeun tungkusan qolbu, ku piwuruk pitutur, miwejang pala putrana nu nembean diistrenan.
Advertisement

Iklan Sidebar